Minggu, 25 Mei 2014

Sapanjang Jalan Ka Subang ( Carpon )


zidhan xjati
Sapanjang Jalan Ka Subang



Gebeg, kuring ngagebeg. Getih asa nyéak baning ku reuwas. Mobil di erém ngadadak, méh waé ngadupak treuk nu ujug-ujug eureun hareupun. Jalan nanjak lebah dieu nu sok kagok eureun teh, tanjakan Émén. Katambah ti tadi pikiran teu jejem kana nyupiran. Awak asa ringsek balas capé jeung kurang saré. Geus sababaraha poé dipaksa ngaréngsékeun ténder gedé.
Tapi peuting ieu, tetep kudu indit ka Subang. Perlu pisan hayang panggih jeung ki Adi.
Mobil nu geus rék adek kana bujur treuk. Dipundurkeun deui. Hadéna di tukang can aya kendaraan sején anu nuturkeun. Cetrék, méré lampu sén ka katuhu. Rék ngaliwatan treuk nu tuluy ngajeten dina tanjakan. Léok si Dukun, mobil kuring dipajukeun ngatuhu. Tanjakan kosong. Kuring  miheulaan. Jadi cénghar panon téh, da bieu rada kareureuwasan.
Nyupiran tengah peuting sorangan. Ngangkleung euweuh nu maturan. Nu matak tadina mah hayang ngajak manéhna, méh aya batur. Belenyéh seuri sorangan, da can waktuna. Pamohalan manéhna daékeun diajak sakahayang sorangan. Kuring téa lalaki, pikiran sok pangangguran ngumbar kahayang.
“Moal tiasa nyarengan Kang. Mangga wé nyalira atuh. Atanapi sareng si Tétéh?“ Walonna. Nyasat atuh, ari nu di imah diajakan mah. Moal gé hayang dibaturan ku manéhna.
“Ka Subangna badé ka saha, ka Ibu? Salam baktos wé,“ cenah ngawalon sms kuring.

Dada ruménghap, narik napas panjang. Kuring keur boga “PR”. Loba kahayang hirup. Tapi da lantaran ku boga kahayang kieu, kuring ngarasa boga tanggung jawab. Pangabutuh kulawarga, alhamdulillah geus kacumponan. Anak opat, lalaki geus mentas tiluan. Kari saurang deui si Bungsu. Nincak geneplas taun, karak sup ka SMA.
Dipikir dibulak balik, rumah tangga kuring mémang taya codéka. Tilupuluhtujuh taun, pamajikan tetep satia. Bageur jeung soléhah. Ngajurung rejeki ka sararéa. Éstu taya cawadeunana. Beuki nyaah.
Pagawéan geus lila merenah, sataun ieu deui pangsiun. Maké jorojoy hayang boga usaha sorangan. Dirojong ku lingkungan jeung babaturan nu satujuan ongkoh. Deg wéh, caritana muka usaha, luyu jeung dunya kuring, dunia éntertain, ceuk istilah ayeuna mah. Usaha jasa nguruskeun nu boga acara hiburan atawa naon waé nu aya patalina jeung éta.  
Alhamdulillah geus ngaléngkah. Bari angger kudu tihothat néangan jalan pirejekieun. Kapan éta mah ihtiarna. Perkara hasilna kuring pasrah ka Nu Wenang ngatur rejeki.
Sanajan kitu, bet angger aya kénéh nu ditéangan. Ngulisikna pangabutuh diri nu geus mangtaun-taun teu kacumponan. Kuring teu rék nanyakeun saha nu salah, da Pangéran Nu Maha Uninga, anu ngatur sagalana. Ti saprak ngalahirkeun si Bungsu, pamajikan lir nu keur tapa. Teu bisa dionggét-onggét.
“Sanés teu nyaah,“ pokna, nalika kuring minangsaraya hayang namplokkeun kasono.
Kalah awakna ngeleper. Beungeutna pias. Késang badag késang lembut lamun ku kuring dideukeutan téh. Sorangan sok teu téga. Jadi milu teu walakaya. Ihtiar ka dokter mah ti harita ogé henteu eureun. Trauma psikis, bet kaalaman ku indung budak. Sararéa teu apaleun, iwal ti kuring sorangan, jeung pamajikan.
Mangtaun-taun, genep las taun. Bari susuganan aya jalan kaluarna. Kuring sorangan sok tumanya, rék tepi ka iraha? Arék diantep waé kitu?
Cék salah saurang dokter ahli psikologi nu ku kuring dipéntaan advis-na ngeunaan kaayaan pamajikan, cenah kasus siga kitu téh memang aya. Disebut Babyblues téa. Anéh, tapi mungguhing batin manusa mah apan tara bisa kabaca, teu cara kana lahirna. Naon anu karasa ku batin, ngan saukur bisa dirasakeun ku jinisna. Tah ieu ogé salah sahiji panyakit batin, cenah. Anu bisa jadi jolna mah tina gangguan lahir, atawa trauma. Kaayaan nu nimbulkeun kareuwas. Tah, tapak reuwasna nu disebut trauma téh, cék dokter éta.
Babyblues, rata-rata kaalaman dina lolongkrang waktu satutas ngalahirkeun. Jadi tangtuna gé ngan kaalaman ku awéwé nu anyar orokan. Ngan waé, cék éta psikolog, aya nu ngalaman aya nu henteu. Aya kalana kaalaman sakeudeung. Aya kalana ogé jadi tuluy ngarobah kaséhatan psikis nu ngalamanana. Contona cara nu kaalaman ku pamajikan. Basa manéhna ngalahirkeun si bungsu, geus nincak kana umur opatpuluh. Loba kasieun, mindeng ngadénge atawa maca yén, nu ngalahirkeun dina umur sakitu, kudu waspada lantaran loba bahayana.
Jeung enyana ieu ogé ngalahirkeunana téh disésar, lantaran jabang bayi teu daékeun asup kana jalan lahir. Padahal geus leuwih tina waktuna. Kareuwas ku kajadian sarupa kitu, indung budak boga rasa handeueul maké  boga deui budak. Satadina memang miharep boga anak awéwé, tapi dalah dikumaha anging Alloh nu nangtoskeun. Lesot KB teh, kalah del deui boga budak bari kitu riwayatna.
Ari anu disebut Babyblues, cenah kaalamanana teu kudu ku nu tas ngalahirkeun ku jalan sésar waé. Nu ngalahirkeun normal ogé mindeng kaalaman. Ngan teu sarua wujud gangguanana. Kulantaran sakabéhna dimimitian ku gangguan siklus hormon wanita, nu bisa ngarobah rasa bungah tas ngalahirkeun jadi ngadadak sedih. Asa karareueung cuang-cieung ngarasa taya batur. Tuluy aya nu ngarasa asa dibaékeun, asa teu guna pikeun salaki da awakna asa geus robah. Aya ogé cenah nu ngalaman sabalikna. Satutas ngalahirkeun, ngadadak boga libido nu leuwih rosa.
Éta kabéh didongéngkeun ku dokter téh. Awéwé nu tas ngalahirkeun sagalarupana leuwih sénsitip, teu payaan. Sedih jeung bungah campuh ngahiji. Matak lamun kurang iman mah matak cilaka. Kuring teu nyangka, sugan téh kajadian nu kaalaman ku pamajikan moal lila, komo bari diubaran mah. Sugan téh paling lila dua bulan, geus sabihari. Tapi geuning ti bulan ka taun, taya nu bisa ngarobah kaayaan. Pamajikan angger ngarasa teu sanggup mulangkeun dirina jadi wanita sajati. Sedeng kuring diajar sabar nungguan, sugan jeung sugan aya kamajuan. Kalah kahémeng beuki nambahan.
Mun tangkal kai mah kuring geus rék ngarangrangan, akarna geus lukutan. Kuring can boga jalan kaluar iwal ku ngabrangbrangkeun manéh kana pagawéan. Beuki moho, beuki sumanget. Awak diporsir sina capé.
Mun geus katingalieun ku pamajikan kuring keur marudah, pamajikan sok milu rambisak. Tapi tuluy ngahatéan.
 “Nikah deui we atuh Kang, mangga, asal teukenging jajan “ Pokna.
Kuring teu némbalan. Da sabenerna mah lain hayang kitu, tapi hayang nu jadi pamajikan cageur deui cara baréto, saméméh ngalahirkeun si Bungsu.
Sapanjang nyupiran ka Subang, pangbeberah pamajikan ngahieng terus. Kadéngé ku ceuli batin. Asa mustahil aya pamajikan nu sanggup kanyaah salakina dibagi dua, malah ngajurungkeun?
 “Asal barudak sapuk,“ cenah, saratna can tangtu énténg. Kadéngé kénéh.
“Mun barudak teu sapuk?”  Cekéng.
“Bagéan Mamah nu jadi taméng ka maranéhna,“ pokna. Kuring nyaho maksudna. Da ngan manéhna nu terang alesanana.
Datang ka Subang kota, jam satu peuting. Perjalanan ka ki Adi dua puluh lima kilo deui. Dipaju. Bari keukeuh ingetan manco ka pamajikan, nu kungsi ngajurungkeun kuring boga deui pamajikan.
Nyorang perjalanan  wayah tengah peuting, bet asa nu diléléwé.
Poék jeung simpé. Pucuk daun eurih nu ngarumbay sisi jalan liliwatan ka lembur ki Adi, kawas nu nangtang ngajak badami. Nangtang pikir lalaki nu hanaang néangan muara kanyaah raga. Sanajan haté teu pipilueun kaendagkeun ku karep midua, tapi pikir ngadadak asa rék teuneung ka hareup, apan kuring téh lalaki.
Enya atuh, matak naon mun saran pamajikan téh jadi tinimbangan nu daria? Meureun bakal jadi jalan kahadéan keur manéhna. Pahla keur pamajikan nu rido ngajurung kuring boga deui. Aya nu ngajangkepan kudrat kuring sabagé salaki.
Ras inget kana lalampahan. Salila ieu teu boga ingetan pikeun salingkuh. Rumasa ari babaturan sabudeureun kuring mah loba. Nu disebut artis nu mindeng gawé bareng ogé balatak. Wanoja léngoh nu keur meujeuhna rungrumeun, lain saurang duaan nu bangun lindeuk mun dideukeutan. Teu rék ngabibisani, kuring sok kabita. Mun téa mah maranéhanana halal keur kuring, moal boa geus jadi jalan pikeun kuring salingkuh. Ngan hadéna aya kénéh iman nu mageran diri kuring, jeung kanyaah nu keur ditéangan, da lain éta.
Dina umur nu geus sakieu, buuk geus bodas. Tapi ceuk manéhna buuk kuring nu ngembang jambu nu ku manéhna dipikaresep téh. Sorangan seuri deui, inget ka manéhna.
Ti saprak wawuh ngan ngendagkeun waé mamaras haté. Manéhna gé  geus lain budak rumaja, sakumaha nu sok pirajeunan dilamun diwawaas. Tapi manéhna miboga daya tarik nu nyalisir kana sakujur awak kuring, ngahudangkeun kahayang, nu geus lila sina puasa.
Keur mimiti wawuh mah teu kaasup kana daptar wanoja nu ditéangan, manéhna téh. Heuy, deuh kawas ditektip, néangan wanoja maké daptar jeung sarat sagala.
Manéhna kokolébatan jeroeun pikir. Geura, mun seug ayeuna bisa marengan, meureun pikiran moal marojéngja kieu. Tadi méméh indit kungsi kapikir, mun manéhna daékeun diajak, naha rék diwawuhkeun kitu ka ki Adi?
Batur ngobrol di jalan, meureun kitu pok téh. Tapi hayang manéhna, lain sasaha. Ngan engké mun geus tepi ka Subang kumaha? Sumputkeun? Di mana, di hotél?
Waktu kuring ngaheureuyan kitu ka manéhna dina sms, manéhna gancang ngawalonan tandes pisan.
“Abdi mah alim disumputkeun,“ cenah.
“Da sanés narkoba. Kantenan di hotél, sanés simpeneun di dinya. Mangga wé nyalira milari nu keresa diseumputkeun!“ cenah.
Jempol, cék haté téh. Da kahayang gé kitu, hayang bruk brak. Dalah ka ki Adi. Sanajan pasti héraneun, naha teu jeung si Tétéh? Cenah meureun.
Lah, ku hésé atuh nya boga kahayang téh.
Nu ieu ku kuring keur dititénan. Manéhna. Nu ngailhaman kuring saban peuting hayang dibaturan lain ukur na implengan. Tapi dina kanyataan. Luyu jeung kahayang manéhna waktu kuring wakca boga masalah jeung indungna budak nu can aya solusina.
“Pami kitu mah sigana salira kedah nikah deui,“ pokna. Keukeuh maké kecap ‘salira’. Asa dina tutulisanana mun nga-sms.
“Sareng saha?“ cékéng.
“Sareng istri nu masih kénéh anom, bahénol nérkom,“ cenah bari nyeuleukeuteuk ngaheureuyan.
“Seueur nu kitu mah. Nu sesah téh milari nu luyu sareng haté,“ témbal téh.
“Apan judulna gé kanggo nyumponan pangabutuh raga, sanés?” manéhna nyindiran. Kuring surti.
“Atuh kapan kedah aya ajén ibadahna, karana Allah,“ pok téh nandeskeun.
Jeung enyana, sanajan kuring kudu boga deui pamajikan, lain pédah kuring lalaki, wenang. Jeung lain pédah wungkul butuh pikeun ngamalirkeun kudrat lalaki, bari aya dina jalan anu cocog jeung aturan Allah. Tapi kuring mémang keur boga masalah jeung indung budak. Kahayang mah mun kudu boga deui téh, nu cop pisan jeung lelembutan, nu pikanyaaheun. Nu kuring bisa ngabagjakeun manéhna.
Lebah dieu, urusan kuring sabagé lalaki geus wakca ka manéhna. Teu dihaja. Asalna mah duméh manéhna klien  kuring nu icikibung dina widang kaséhatan. Teu hésé nerangkeun. Malah loba saran manéhna nu bisa ditarima ngeunaan kaséhatan kuring jeung pamajikan.
Tamiang meulit ka bitis, cék manéhna. Bongan sorangan wakca, jadi kapikiran na haténa.
Manéhna jadi remen mikamelang. Aya rasa nu sumarambah tina kahémanna.
Beuki lila beuki meulit, dina lelembutan. Tapi kumaha carana sangkan indung budak buru-buru nyahoeun tapi teu jadi matak? Lain hayang disumputkeun, ceuk manéhna. Kuring can aya kawani. Jalan nu tarahal masih kénéh panjang.
Jalan ka imah ki Adi rada jauh kénéh ti tengah kota. Tarahal. Lir ibarat jalan nu rék disorang ku kuring jeung manéhna. Sanajan geus dijurungkeun, kaluar ti panto imah geus dibralkeun ku pamajikan.
Sapanjang jalan ka Subang, pikir tacan nyaangan. Pajurawetna haté jeung pikiran, lir pajurawetna tegalan eurih anu mindeng kaliwatan mun ka lembur.
Tungtung eurih nu sareukeut, kalan-kalan kudu karasa nurihan. Sakapeung sok kaupahan ku sikep pamajikan nu gumati cara nu ngarasa boga sabab. Sok teu téga. Tepi ka teu karasa kuring ngalakonan puasa teu bisa manggih citrésna, salila-lila. Ceuk nu bohong mah geus satengah abad. Kuring teu bina ti duda. Panglumpatan ngan ukur sapangabisa.
Teu munapék, birahi nu ngagedur kénéh mun keur duaan jeung pamajikan, kudu peper saharita jadi teu walakaya.
Sanggeus panggih jeung manéhna, kahudang pikeun silih pikanyaah. Ngeusian lolongkrang kosong nu ku manéhna oge geus kaalaman sababaraha taun, saprak ditinggalkeun jenatna.
Tepi ka balik deui ka Bandung ti Subang, nu ngalangkangan haté ngan manéhna. Asa rék sapok-pokeun bébéja, yén kuring niat ngaenyakeun pangjurung pamajikan pikeun boga deui pamajikan.
Waktu manéhna nanyakeun iraha rék balaka ka si Teteh, kuring karak bisa ngajawab.
“Antosan waktos nu mustari....”  
Lah, bet asa teu téga. Asa rék jadi pasakitan. Wani mun didakwa ku barudak? Bakal bisa kitu narima kanyataan mun indungna didua asih?
Sirah lungleng, rieut. Tepi deui ka Bandung sanggeus balik ti Subang, kuring muru ka manéhna.
Dina méja geus ngajagrag mocacino panas bangun anyar kénéh ninyuh. Teuteupna nu méré harepan, teu weléh ngagupayan kuring sangkan balik ka dinya.
Muru kopi haneut, nu geus ngagedurkeun sumanget kuring. Ngagedurkeun sumanget lalaki nu hanaang salila welasan taun. Teu manggih saleguk cikahuripan sakumaha mistina.
Kuring duaan geus pasini rék silih pihapékeun dina mangsa kasorénakeun. Dina umur nu geus méh sareupna. Sanajan jeung enyana, kuring hésé rék nedunan kahayangna. Pikeun saméja tiluan. Kuring, manéhna, jeung pamajikan. ***

Kenging : Tetty S Nataprawira

1 komentar :

  1. deu ari tos maca carpon teh, sok inget ka indungna budak nu di lembur...

    Kang, ngung tiasa usul eta carita teh mun di tiap paragrafna di langkah sabaris langkung sae siganamah kang, maklum soca tos umuran asa nga gebleg macana hehehe

    BalasHapus