Minggu, 25 Mei 2014

CAMPAKA ( CARPON )


zidhanxjati.blogspot.com
Campaka


Mimiti wawuh ka manéhna téh dina facebook. Jaman ayeuna mah geus lain kamonésan mun urang bisa wawawuhan jeung saha waé tina jaringan sosial nu geus jadi kacapangan barudak ayeuna. Enya, panggih jeung manéhna téh mimitina mah tina facebook, ngaranna ‘CAMPAKA’.
Mimitina kuring nempo hiji awéwé tina profil kacida manisna. Beungeutna oval, irungna bangir, jeung panonna siga panon Manuk Hong. Tina dongéng Cina. Cureuleuk. Jeung tina dedeganana, sigana mah anak nu beunghar.
Mimiti chating inbox kuring nanya, “Sampurasun. Nepangkeun sim kuring Kamajaya.”
Manéhna nyebutkeun ngaranna téh ‘Campaka’. Duh ngaran anu sakitu éndahna ceuk kuring dina haté. Keur geulis téh ngaran Campaka. Apan ari Campaka mah leleb seungitna ogé. Atuh ti poé ka poé kuring jeung Campaka tambah dalit sosobatan. Ngobrolkeun kaayaan kulawargana jeung nu jadi dulur-dulurna. Kitu deui kuring nyaritkeun lalakon hirup kuring kulawarga jeung sagala naon waé anu karandapan. Beuki lila beuki raket. Geus teu asa-asa silih kedalkeun rasa.
Campaka kuliah di Bandung, kuring di Bogor di IPB. Ari Campaka di ITB di Seni Rupa. Kuring jeung Campka silihjurungkeun dina nganggeuskeun kuliah. Jadi lamun papanggih inbox dina facebook ari ngobrol téh mani resep. Da manéhna bisa ngartikeun kaayaan kuring anu kuliah kulantaran ngan hayang hirup ka hareupna téh henteu sangsara. Cindekna hayang jadi jelema boga.
"Kang Jaya linggih di mana di Bogorna?”

"Akang sanés di kota Bogorna, tapi di Ciomas. Rada tebih ka tempat Kuliah téh," ceuk kuring.
"Kana naon Kang ari angkat kuliah?"
"Kana angkot. Tilu kali naék."
"Répot atuh nya?"
"Tos biasa da," témbal téh, "Pun Bapa mah mung guru es de. Pun biang icalan goréngan ari sonten."
"Goréngan naon?" Campaka nanya.
"Kanggo jajanan barudak. Aya bala-bala, pisang goreng, mendoan, sareng géhu."
"Atuh resep nya seueur waé tuangeun?" cenah.
"Upami nyésa, da seseringan mah séépeun."
Tina mindengna ngobrol, antara kuring jeung Campaka bet aya rasa nyaah. Enya, mimitina tina babaturan di dunya Maya, maju jadi sosobatan. Beuki nyobat wé  antukna mah. Ngan can kungsi nyaritakeun rék panggih. Kitu wé ngamalir kawas cai walungan. Tapi mun sapoé henteu silihkirim pesen kana inbox, bet aya rasa kaleungitan.
Hiji waktu manéhna teu aktif dina facebook. Aya kana sapuluh poéna teu inbok ka kuring. Kuring bet asa leungiteun. Di és ém és, hapéna teu ktif deui. Meunang sapuluh poé kuring asa leungiteun batur pakumaha. Kacipta-cipta waé imut dina profilna. Cureuleuk panona, jeung kekecapanana mun keur chating dina inbox. Tapi hiji poé Campaka muncul deui. Kuring kacida atohna.
"Ka mana waé? Akang mani leungiteun."
"Demam berdarah Kang. Kika diopname di rumahsakit Boromeous."
"Mani teu ngabéjaan. Mun terang meureun Akang besuk," ceuk kuring protés.
"Ah mung istirahat wungkul, Kang. Ayeuna pan tos aya deui."
"Akang hoyong pendak. Tos sakieu lamina urang kenal tapi tara ngahaja tepang,” ceuk kuring.
"Pami tiasa urang Kopdar...”
"Naon kopdar téh?" Ceuk manéhna.
"Kopi darat, alias papendak di darat. Tepang di mana wé."
"Ké Akang hanjakal pami tos pendak sareng Kika," ceuk manéhna.
"Naha kedah hanjakal? Teu aya nu matak hanjakal, Akang mah hoyong pendak. Ngobrol téh ulah ngan saukur di dunia maya wungkul, asa kirang sugema."
"Sawios, ké sanés waktos urang rencanakeun," ceuk manéhna. Kuring atoh.
Da teu puguh pisan, hayoh wé chating salila-lila tapi tacan pisan kopdar sakali-kali acan. Ari keur chating téh sok silih kedalkeun kasono. Pek kuring nyieun puisi...

Campaka.,
Anjeun taya bédana jeung bulan di langit
Nu teu katepi, mun kuring hayang panggih
Campaka, kuring ngan saukur bisa melong
Iraha kuring bisa ngeukeup Anjeun?

Manéhna ngajawab ku puisi deui. Kieu :

Kamajaya,
Anjeun manusa sampurna.
Kuring mah lir manuk nu teu bisa hiber
Bari can tangtu kuring leumpang anu bener
Gigireun anjeun kuring lain jelema sampurna

Ku kuring puisi Campaka dicatet, tuluy diteundeun dina Buku Harian. Kuring asa aya rasa nalangsa macana. Naha manéhna nyieun kecap-kecap siga kitu? Tapi tuluyna kuring teu loba mikir deui. Sosobatan téh ganti jadi lagu sillih pikanyaah jeung silih pikabutuh. Di dunya maya manéhna téh bébéné kuring. Sok remen aya kalimah, "Kang naha nya Kika bet sono ka Akang?"
Ku kuring dijawab kieu, "Sami Akang ogé sono ka Kika."
"Kika sieun Akang hanjakal mun tepang jeung Kika," cenah.
"Moal. Akang moal hanjakal, lantaran Akang nyaah ka Kika."
"Kika sieun Akang hanjakal mun pendak sareng Kika. Tuluy Kang Jaya teu nyaah deui k Kika."
"Moal atuh. Akang moal robah pamadegan. Akang bakal tetep nyaah," kuring ngayakinkeun.
Kuring jeung manéhna pada-pada junun diajar. Sanajan Campaka kuliah di Bandung jeung kuring kuliah di Bogor, tapi kuring jeung Campaka ngabogaan komitment yén sanggeus pada-pada salsé kuliah kuring jeung manéhna kakara bisa pajonghok patepung rék ngajadikeun jangji pasini nu salila eta kungsi silih kedalkeun kanyaah.
Hiji poé Campaka ngainbok ngabéjaan yén manéhna sadia patepung dina poéan manéhna diwisuda di Aula ITB.
Datang ka Bandung ngahaja naék beus Bogor Bandung. Isuk-isuk jam 9 kuring geus aya di antara wisudawan-wisudawati. Nu lalaki karasép nu awéwéna gareulis da sigana pada-pada ka salon rék diwisuda téh da maraké kabaya pageulis-geulis. Kabéh dibarengan ku kabogohna séwang-séwangan. Tapi ngan aya hiji anu diuk nyorangan teu dibarengan ku kabogohna tayohna mah. Manéhna diuk wé nyorangan siga ngahaja misahkeun manéh. Mani asa lieur jeung nyeri beuheung sosonggéteun kuring néangan nu ngaranna Campaka. Hayoh wé kuring teu weléh luak-lieuk néangan profil Campaka anu siga dina Profil manéhna dina facebook. Lebeng! Nepi ka acara wisuda dimimitian, Campaka weléh teu kapanggih!
Basa kuring ngadéngé ngaran Campaka disebut yén manéhna lulus kalawan nilai pangalusna alias Campaka meunang predikat Lulus, kapeto jadi mahasiswi anu lulusna meunang nilai pangalusna alias Cum Laude!
Kuring nepi ka jéjéngkéan hayang nempo da nangtung di tukang pisan. Atoh ngadéngé Campaka lulus kalayan nilai alus jeung meunng predikat Cum Laude téh jantung kuring ngageber sok kuring nangtung téh ngangsrod ka hareup.
Hiji mojang leutik camperenik leumpang maké kreuk! Lalaunan, pék manéhna tungkul basa tali nu ngawir dina togana digésérkeun ku Guru Besarna sarta diumumkeun jadi Mahasiswa Teladan anu nganggeuskeun kuliah ngan 4 taun!
Kuring olohok. Teu careéna biwir kuring calangap bawaning ku ngajenghok jeung panon molotot ka hareup neges-neges éta mojang anu leumpang maké kreuk téh!
Campaka?! Naha enya éta Campaka? Kuring nanya jero haté. Ku kuring diteges-teges. Panonna  enya panon Campaka, panon si mata Manuk Hong ti Nagara Cina! Imutna basa manéhna imut persis imut Campaka dina profil facebook!!
Enya! Enya manéhna Campaka!! Nu leumpang maké kreuk! Leumpang kukuruyuhan, ati-ati pisan. Campaka éta téh! Sukuna pondok sabeulah, Enya CAMPAKA!
Kuring ngangsrod séséléké nyuaykeun anu ngahalangan ngarah kuring bisa mapagkeun Campaka! Geuwat kuring ngagorowok, "Kika.. “
Nu digeroan ngarandeg. Manéhna melong ka kuring.
“Wilujeng nya Kika," leungeun manéhna ku kuring digeubig-geubig. Kika kalah ngabalieur siga nu teu atoh tuluy manéhna leumpang rada kaluar ti ruangan nu pinuh ku kulawarga wisudawan. Ku kuring Campaka dituturkeun kulantaran héran kunaon manéhna bet ngabalieur?
Manéhna eureun di tempat nu rada sepi. Sok manéhna ngalieuk ka kuring. Dina panonna aya nu ngagurilap.
"Campaka," ceuk kuring lalaunan. Kuring jeung Campaka papelong-pelong.
Campaka melong ka kuring, sok kreukna diasongkeun ka kuring. Ku kuring ditampanan bari teu weléh kuring nyebut ngaranna, "Campaka kunaon? Kang Jaya ngahaja datang, hayang marengan Kika di poé anu bersejarah ieu."
"Akang hanjakal pan nempo kaayaan Kika siga kieu?” Pokna bari nempo ka palebah sukuna anu rada méréngkél, katempo sanajan katutup ku sampingna, "Hanjakal pan!? Hanjakal Kika teu boga suku anu sampurna siga nu séjén?” Sora Campaka ngeleper. Nahan ceurik, Cipanonna ngeclak maseuhan pipina anu semu kasumba.
Kuring gideug. Leungeunna ku kuring dicekelan di antara kreuk anu ku kuring keur dicekelan.
"Henteu Kika, akang teu hanjakal," sora kuring yakin, panceg henteu galideur.
Campaka nenggak ka kuring. Cipanonna ngagorolong siga batu kristal anu leupas tina tiiranana.
"Leres? Akang tetep nyaah ka ka Kika sanajan....”
Gancang ku kuring Campaka ditangkeup bari ngaharéwos, "Kika, akang teu robah. Akang tetep nyaah ka Kika. Keur akang, Kika sampurna..."
Kika ngarontok kuring. Pék nyegruk taktakna oyag. Ku kuring diupah-apeh, "Lirén nangis! Lebar dinten ieu dipaké nangis."
Keur kitu ti tukangeun aya nu nyalukan ka Campaka, sorana alon, "Kika..."
Kuring jeung Campaka ngalieuk. Euh indung bapana Campaka keur melong ka kuring duaan bari imut ngagelenyu.***

Kenging : Lies Tjandra Kancana

Tidak ada komentar :

Posting Komentar