* PETENG *
Kiyul & Ma Karsih |
“Nyi, anteurkeun kolek sareng emameun ka Ma Karsih, jug!” soanten Umi ti dapur. Sebel ka Umi téh. Sakieu geus gedé, geus ngalanglang ka mancanagara, angger wé sok nyebut Nyai. Piéraeun.
“Geuning unggal sonten sok dianteuran ku Umi? Sanés bumi Bi Yoyoh gigireunna?” témbal téh bari cengkat, laju nyampeurkeun Umi di dapur.
Atuda enya, imahna téh ngaréndéng jeung imah putrana, Bi Yoyoh. Nu Bi Yoyoh mah geus permanén, malah kaitung agréng. Hareupeunana, maksud téh hareupeun imah Bi Yoyoh da imah Ma karsih mah nyanghareupan masigit, imah Mang Tardi, lanceuk Bi Yoyoh. Sarua permanen, jeung alus. Sasat diriung ku anak-anakna, Ma Karsih mah.
“Lah, da ngaréndéng jeung anak ogé teu ngajamin kaurus dahar pakéna. Sok wé geura anteuran ku Nyai, méh apal kaayaanana,” saur Umi deui, bari nutupan baki nu pinuh ku ringkok dieusi dahareun. Kamari mah, basa kuring anyaran datang, nu nganteuran wayah kieu téh Umi ku anjeun. Meureun bisi kuring carapé kénéh urut di perjalanan nu sakitu jauhna.
Sanggeus ngucirkeun buuk, baki ditampanan. Léos jalan dapur, laju nonggoh. Gok jeung Bi Maryam.
“Ambuiiing.....ieu saha mani lenjang? Kakara ka luar. Rék ka mana Nyai?” cenah angger cawéhwér.
Lantaran keur nanggeuy baki, teu bisa sasalaman. Kuring ukur unggeuk bari imut. “Badé nganteuran ka Ma Karsih Ibi, dipiwarang Umi,” témbal téh.
“Heueuh da Si Haji mah sok héman. Ieu gé Ibi rék ka Umi Nyai, sugan kabagéan kénéh kolek,” cenah bari nyéréngéh.
“Muhun Ibi, seueur raraosan mah. Ngga atuh, abdi ti payun,” cekéng bari nuluykeun léngkah.
“Enya mangga,” témbalna bari tuluy ngungkug mudun ngajugjug ka imah kuring.
Bubuhan di lembur, harieum ku tatangkalan, jam lima ogé asa geus harieum beungeut. Geus loba nu ngahurungkeun lampu. Méméh ka imah Ma Karsih téh ngaliwatan heula imah Bi Yoyoh. Imahna marakbak caang. Kaciri ti luar keur ngariung sakulawarga di patengahan. Kuring ngaliwat téh bangun nu teu engeuheun. Gok ka imah Ma Karsih. Bet paroék kénéh?
Panto hareupna méléngé. Émpérna masih taneuh, jadi kuring laju muru lawang waé hayang geura nunda baki, cangkeul.
“Assalamu’alaikum,” cekéng bari nyurungkeun panto ku tungtung baki. Bray panto muka, di jero ukur reyem-reyem. Tengah imah, aya nu keur cindeluk, nyanghareupan bokor wadah seupaheun. Teu pati sidik kana rupana, da puguh kaayaan jero imah téh rada poék, kawantu taya lampu sakenyay.
Nu cindeluk ngalieuk ka lebah panto.
“Saha? Asa kakara ngadéngé sorana,” sorana alon rada ngadarégdég.
Kuring nyurungkeun baki rada ka jero. Kalacat unggah. Hiek, bau teu puguh neumbrag kana irung. Rék asup téh ngarengkog. Gék dina bangbarung.
“Abdi Ma, Yulia. Dijurungan ku pun biang, Umi Ooy,” témbal téh bari rada nahan napas.
“Yulia? Si Kiyul? Ambuing, asa geus lila teu amprok. Iraha ti kota?” cenah bari melong jiga nu neges-neges. Tuluy diukna ngésod ngadeukeutan. Kuring hideng ngésérkeun baki, bisi kadupak. “Yap ka jero atuh,” cenah sanggeus rada deukeut. Leungeunna ngaragamang siga rék nyagap, tapi kalah uyup-ayap nyapaan angin.
Sidik ayeuna mah kana rupana, da katojo ku cahya nu rada caang ti luar. Beungeutna nya sepa nya celong. Keur mah geus sakitu karijutna, katurug-turug kuru. Puguh mani jiga rorongkong. Buukna camutmut bodas, sedeng panonna gular-giler teu daék cicing, tapi jiga nu kosong.
“Wios di dieu wé Ma. Naha wayah kieu teu acan ngahurungkeun lampu?” cekéng téh bari rarat-rérét néangan stop kontak. Rék dipanghurungkeun maksud téh.
“Naha wayah kumaha kitu ayeuna?” cenah bari melong jiga nu satékah polah neges-neges. Tapi panonna tiis, taya cahara.
“Tos badé magrib Ma. Sakedap deui buka. Abdi gé dipiwarang Umi nganteurkeun tuangeun kanggo buka,” témbal téh deui bari nyurungkeun baki ka palebahna. Nepi ka tungtung baki lalaunan diadu jeung tuurna.
“Lah teu kudu maké lampu. Rék dilampuan rék henteu ogé sarua waé Nyai, geus lolong ieuh!” ceuk sora tukangeun, nya teugeug nya garihal.
Puguh wé mani ngaranjug. Reuwas! Sugan téh euweuh jelema tukangeun. Geuwat malik. Bi Yoyoh ngajanteng, beungeutna kereng. Ngora kénéh Bi Yoyoh mah, geulis deuih. Kuring mah nyebut Ibi sotéh katalian ku pancakaki, lain pédah geus jiga Ibi-Ibi.
“Eh Ibi. Damang Bi?” Cekéng bari nyolongkrong ngajak sasalaman. Puguh ti saprak mulang, kakara amprok ayeuna.
“Cageur,” cenah pondok, bari nampanan leungeun kuring. Panonna ngarérét kana baki anu dituruban kénéh.
“Naon éta Nyi?” cenah angger pondok.
“Kanggo buka Ma Karsih Bi. Ti Umi,” témbal téh.
“Mani loba-loba teuing, pira ogé nini-nini, sahuap gé seubeuheun. Béjakeun ka Euceu, teu kudu dianteuran waé dahareun, da ku Ibi ogé kaparaban kénéh,” cenah bari kuraweud. Nu dimaksud Euceu ku manéhna téh indung kuring sasatna.
“Ah ieu mah panginten palay katuang wé Bi, sanés nyangki teu kaparaban ku Ibi,” kuring rada ngabéla.
“Nya karep ari kaleuwihan dahareun mah,” bari léos balik deui ka imahna nu baranang ku lampu. Kuring molohok.
“Tah kitu Nyai, anak Ema mah,” sora Ma Karsih dareuda. Dirérét, dina romanna nu beuki ngabelegbeg diteureuy poék, aya nu nyéngcélak tina juru panonna. Cimata. Leketey téh ieu haté.
“Ké atuh Ma, abdi badé ngabantun lilin heula. Piraku Ema tuang mopoék,” bari jung cengkat.
“Teu kudu Nyai, cumah caang ogé da Ema mah tos teu ningali. Poék caang sarua waé. Palaur aya seuneu mah, bisi katepak ku Ema, kahuruan ké imah ngan sajendil-jendilna téh,” manéhna ngahulag.
“Naha atuh teu masang listrik Ma. Pan tiasa nyolok ti Bi Yoyoh,” kuring keukeuh ngarasa teu téga.
“Pédah cumah téa meureun Nyai, kaolok-olok listrik, matak katingali henteu,” pokna deui.
“Muhun ku kituna mah, mung piraku wé wengi bumi teu dilampuan?” kuring keukeuh.
Ma Karsih tibang ngarénghap semu nu eungap. Kuring jadi bingung. Rék tuluy cicing maturan, pan sakeudeung deui waktu buka. Rék balik, haté teu téga ku Ma Karsih. Kacipta wé meureun dahar mopoék sorangan. Mana reungit mani napuk, bubuhan deukeut ka kebon.
“Henjug Nyai geura balik waé, bisi buka mantén. Nuhun kituh ka Si Haji, katarimakeun pisan ku Ema,” pokna jiga nu ngarti kana haté kuring nu sabil.
“Teu nanaon Ema dikantun nyalira?” kuring masih bingbang.
“Da biasana ogé nyalira Nyai,” cenah bari nyéréngéh. Gugusina nu semu hideung, atra kabéh.
Geus kitu mah kuring amitan. Bari omat-omatan sangkan kabéh bawa kuring didahar. Ma Karsih tibang unggeuk, bari pok deui-pok deui nganuhunkeun.
Sajajalan haté mani nyarapat ka Ma Karsih. Ku téga anak-anakna. Padahal mah tibang nini-nini saurang, naon salahna mun dirawatan bareng saimah. Meureun dahar pakéna kaurus. Atawa mun embung bareng saimah, atuh urus-urus témpo daharna wéh. Komo ieu keur bulan puasa. Ieu mah mani teu kolu masang lampu-lampu acan. Indung titah dahar mopoék sorangan, bari awak béak digembrong reungit.
“Da kitu anak ka kolot mahj. Kolot mah ka anak, ti leuleutik diusap-usap dinangna-néngné, ulah dicoco reungit sasiki ogé. Saré dikasuran, disimbutan. Ieu mah sasatna kolot téh diparabkeun ka reungit unggal peuting,” saur Umi basa kuring mangadu.
“Mugi-mugi Iyul mah engké teu kitu ka Umi sareng ka Apa nya,” cekéng némpas. Sieun disakompétdaunkeun.
“Amiin. Mun deukeut cicingna nya, pan ayeuna ogé Nyai mah ukur sataun sakali mulang téh,” walon Umi bari imut ngoconan. Kuring tibang nyéréngéh kaéraan.
Isukna, pabeubeurang kuring nguriling ka tatangga, ngadon silaturahmi. Meungpeung aya di lembur. Ongkoh da batur salembur téh kasebutna masih baraya najan geus laér ogé, sarundayan ti luhurna. Bérés kapapay kabéh, nyimpang deui ka imah Ma Karsih. Keur ngalangeu dina bangbarung ayeuna mah. Kuring diuk dina babaléan awi dina émpér imahna. Pahareup-hareup.
“Saha?” bari ngarérét. Beurang mah sidik pisan warugana anu pikawatireun téh. Maké samping jangkung, teu dibaju. Atuh taktakna anu kari tulang téh mani kaciri pisan norélak. Awakna geus rada bongkok. Saur Umi mah umurna kana 70 taunan leuwih. Tapi can pikun, atuh dédéngéanna alus kénéh. Ngan panon meureun anu miheulaan pareum téh. Diuk ucang anggé bari nyandingkeun iteuk, hariguna rénghap ranjug bangun nu capé. Tas ti sumur tayohna mah.
“Abdi Ma, Kiyul,” témbal téh nikukur maké ngaran sesebutan manéhna ka kuring.
“Beuki geulis meureun nya ayeuna mah Kiyul téh. Taun tukang keur Kiyul balik, Ema geus teu pati sidik,” pokna bari nyéréngéh. Waosna anu kari dua siki bari geus daroyong téh kaciri pisan. Kuring ukur némbal ku héhéh.
“Cenah Kiyul sok mindeng ka luar negri? Ka mana waé?” pokna deui.
“Lumayan Ma, anu caketna mah kantos ka Malaysia sareng ka Singapur. Atuh anu tebihna kantos ka Cina, ka Jepang, sareng ka Eropah. Can kaaprak sadayana alam dunya téh Ma, atuda damelna ogé nembé sataun,” témbal téh.
“Resep nya jadi pergari mah bisa tumpak kapal ka mamana,” cenah sari ngalamun.
“Sanés pergari Ma, tapi pramugari,” témbal téh bari nahan piseurieun. Kagugu ngadéngé ngomongna anu balélol bari jeung salah.
“Enya éta. Bati kabita wé ema mah. Geus moal ngalaman. Cikan dongéngkeun ku Kiyul, kumaha kaayaan di ditu téh?” pokna deui.
“Di ditu di mana Ma?”
“Enya di nagara deungeun. Keun baé teu kungsi ngalaman nincak ogé atuh ngadéngé-ngadéngé dongéngna Ema téh,” cenah.
Ti harita, méh unggal poé, pabeubeurang sanggeus bérés mantuan Umi di imah, kuring sok ngahaja ulin ka Ma Karsih. Itung-itung ngabuburit baé, ngadagoan waktuna masak keur buka. Ukur ngadongéngkeun sagala rupa anu katempo salila kuring mancén tugas jadi pramugari. Kaciri resepeunna téh. Mani sok aléwoh sagala ditanyakeun. Komo mun kuring geus nyaritakeun kaayaan kota Paris, katangén resepeunna téh. Sok tatalepék imeut pisan. Komo mun nyaritakeun kaayaan Menara Eiffel, kuring kudu imeut nataan kumaha kayaanana, kira-kira sakumaha jangkungan, sakumaha legana, mun naék ka luhur, naon baé anu katempo ti dinya. Kumaha mun naékna peuting, pamandanganna jiga kumaha, jsb. Tara dikorétkeun, sok dicaritakeun baé sagala rupa anu kungsi katempo mah. Mun keur cacarita, sakapeung kuring ngarasa, nempo panonna anu geus pareum téh ngadadak cahayaan. Kabungahna atra dina paromanna anu sepa. Aya kabagja anu nyaliara mun niténan kabungah dina romanna.
Bet sok ras ka jaman keur leutik. Ti sainget, kuring mah teu boga nini. Saur Umi, nini ti pihak Umi, ngantunkeun basa Umi kelas dua SD. Sedeng ti pihak Apa mah, ngantunkeunna basa anyaran Umi nikah ka Apa. Kuring sadudulur sok apét téh ka Ma Karsih, nini ti gigir meureun pibasaeunana. Da Aki, apana Umi, rai raka sareng Ma karsih. Harita mah kuring can apal istilah nini ti gigir atawa nini sampeuran, nganggap nini sorangan wéh ka Ma Karsih téh.
Pasosoré, sok indit ka masigit téh. Méméh ngadagoan bedug magrib, sok ngagimbung di émpér bumi Ma Karsih waé, da puguh nampeu téa ka masigit. Lain kuring wungkul, tapi incu tegesna jeung barudak salembur anu rék ngaji mah ngadagoan bedug magribna sok di bumi Ma Karsih waé. Harita mah di émpérna aya sababaraha babaléan tina awi anu lalébar. Mun digimbung ku barudak téh kaciri atoheunana. Bar samak, sor téko ci entéh. Lalawuhna mah kumaha usum ngebon baé. Usum boléd nya boléd, usum usuk nya kulub suuk, kitu deui mun usum jagong sok jeung kulub jagong.
Saréréa dariuk ngabérés, tuluy Ma Karsih ngadongéng! Enya, Ma karsih téh pinter pisan ngadongéngna. Nya ti Ma Karsih pisan kuring mimiti apal dongéng Si Kabayan, Sakadang Peucang, Sakadang Kuya jeung Monyét, jeung dongéng-dongéng lianna. Malah sakapeung mah Ma karsih sok ngadongéngkeun hal-hal anu nyata, upamana kaayaan di Kebon Raya Bogor, di Ragunan, jeung tempat wisata Bina Ria di Jakarta.
Kuring saréréa tangka sok saregep pisan mun ngabandungan dongéng-dongéngna. Atuda sok jiga nu enya pisan ngadongéngna téh, nepi ka kuring mah bisa ngabayangkeun kumaha kaayaan tempat anu aya dina dongéng-dongéng Ma Karsih. Wallohualam naha Ma Karsih kungsi nincak atawa acanna mah ka tempat-tempat anu didongégkeunana téh, da teu kungsi ditanyakeun. Ngan nu sidik, harita kuring sok nempo cahaya panon anu hurung ti barudak basa ngabandungan dongéngna, jiga anu sakapeung sok kapanggih dina panon Ma karsih basa ngabandungan dongéng kuring.
“Leuh mani ramé. Kiyul mah bisaan ngadongéng téh, ” cenah unggal kuring bérés cacarita.
“Pan guguru ka Ema dina urusan ngadongéng mah,” témbal téh bari nyéréngéh. Ma karsih milu nyéréngéh. Waosna nu ompong tinggal dua siki, kaciri beuki doyong baé.
“Mun ema beunta kénéh mah meureun bisa nempoan poto Kiyul di luar nagri nya,” cenah. “Tapi kétah keur naon, da aya kanyaho ogé moal bisa didongéngkeun deui ka sasaha,” tuluyna semu ngarahuh.
“Naha Ema tara ngadongéng deui ka barudak? Padahal raramé dongéng ema mah,” pok téh.
“Barudak nu mana? Barudak ayeuna mah teu bareukieun dongéng. Gawéna ukur lalajo tv, maén PS, jeung nyoo HP. Pan katempo meureun ku Kiyul ogé, salila saminggu Kiyul di dieu, tara aya barudak anu ngulampreng nyampeurkeun. Keur mah nini-ninina barau meureun, katurug-turug dongéngna geus tinggaleun jaman. Geus tara aya budak anu daék nyampeurkeun ayeuna mah,” cenah sari ngalengis. Panonna anu biasana gular-giler, ayeuna mah manteng melong kosong ka jauhna. Semu beueus. Cahya anu sababaraha poé ieu sok ngolébat dina kongkolak panonna, ilang teuing ka mana. Aya rasa sepi anu pohara, parat karasa kana mamaras rasa. Teu karasa panon kuring milu beueus.
Sapoé ti tas lebaran, kuring amitan rék mancén tugas deui. Basa kuring nyium pananganna, karasa aya nu nyakclak kana embun-embunan. Pananganna anu kénca, bari ngadarégdég, teu reureuh ngusapan buuk.
“Jug Kiyul, dido’akeun ku Ema sing salamet indit ka mana-mana ogé. Ulah poho solat lima waktu nya Nyai. Tingalian ku Nyai legana alam dunya, taun hareup dongéngkeun deui ka Ema nya,” cenah bari dareuda.
Peuting ieu kuring keur di Paris. Basa di Menara Eiffel, datangna sms ti Umi. Cenah Ma Karsih ngantunkeun teu kanyahoan. Soré kamari Umi nganteuran dahareun, masih kénéh bisa cacarita. Ari soré tadi Umi ka bumina deui, tos ngabebengkang teu nyawaan. Panon karasa juuh, dipaksa neuteup ka jauhna, nganteurkeun teuteup Ma karsih nu hayang nataan legana dunya.***
Kenging : Risnawati
Tidak ada komentar :
Posting Komentar