* Drupadi Nagih Jangji *
Drupadi Mandi getih |
“Haiii… sakumna wadyabalad! Para déwa jeung déwa anu naritis di marcapada ieu! Deuleukeun aing, Bima putra Pandu geus nedunan sumpahna. Maténi Si Dursasana di pangperangan!” Bima nulak cangkéng bari dangah di tengah-tengah kuruserta.
Dursasana guguuuur!!! Dursasana guguuuur!!! Aweuhanana mancawura di jomantara, sawaréh ngulibek kabawa angin, ting saléor matak kukurayeun.
Geuning ukur warugana wungkul nu katingali Bima téh, da napsuna mah badis idazil. Baham Dursasana dibébékkeun. Belati dipaké ngungak-ngawik beuteung tangka rebah sapat nepi ka dada. Peujit nu budal-badil dibetot, dikaluarkeun. Getih nu ngocor gentak diuyup meuni ngalegik.
Dursasana guguuuur!!! Dursasana guguuuur!!!
Getih Dursasana anu ngamalir dina genggerongna bukti yén sumpah geus disampurnakeun. Buuk nu lamokot getih lir méga beureum ririakan. Sorot panonna, kaceuceub anu matak serab. Sora genggerongna badis guludug anu ngaguruh handaruan.
“Aceuk!! Aceuk Drupadi… poé ieu sumpah aceuk ditedunan. Tarima ieu bakti ti rai!”
Bima ngaléngkah. Keupatna dangah bari ngalungkeun waruga Dursasana. Wadyabalad beuki nyaringray ngarasa gigis.
Dursasana guguuuur!!! Dursasana guguuuur!!!
“Deuleu Suyudana! Badéga sia geus ngababatang! Deuleukeun!”
Ti kajauhan Suyudana ukur mencrong, beungeutna geuneuk atah beuleum.
Demi ngadangu Bima susumbar kitu, Drupadi rurusuhan kaluar tina téndana.
“Bawa bokor ieu ka Bima.” mikeun bokor emas ka salah-saurang prajurit anu keur jaga.
Bima surti kana bokor emas nu dibikeun ku saurang prajurit. Drupadi hayang nyampurnakeun sumpahna, ngagelungkeun deui rambutna anu salila puluhan taun dirumbaykeun.
Bima rarat-rérét néangan layon Dursasana.
“Geura tampi.” Bima mikeun bokor eusi getih Dursasana ka Drupadi.
Enya, bokor téh eusi getih. Tapi nu katingali ku Drupadi mah lir citirta amerta anu ngagebur cahayaan.
Geus teu maliré kumaha dendemna ka Dursasana. Bokor lalaunan diangkat, terus diguyurkeun kana rambutna. Kapeurih, kaéra, jeung kasedih anu tan wates-wangen harita ngalangkangan deui. Kumaha geremetna Bima waktu harita. Kumaha cicirihilanana Dursasana basa maksa muka kemben, metot sinjang anu meulit dina salirana jeung ngudarkeun gelungna. Emh… geuning hirup téh pinuh ku karma, pinuh ku darma...
Sarérea ningali cahaya anu ngabarasat ka jomantara. Hurung mancur lebah ténda anu dicicingan ku Drupadi.
Pada ngadeugdeug.
Ngan saméméh nepi, paamprok jeung para dayang...
“Déwi Drupadi…” nunjuk ka jero ténda.
“Aya naon, Déwi Drupadi ku naon?”
“Mandi getih.”
Pangawal buru-buru nyingkabkeun lawang ténda. Enya wé, Drupadi nu rambut jeung salirana lamokot ku getih keur sidakep sinuku tunggal. Cahayana ngagebur, hurung mancur.
Punah sakabéh hutang anjeung, Dursasana
Tapi teu kurup nutup hutang kasucian
Kajahatan anu malesna
Sok sanajan darma teu ménta balesan.
***
Peuting ieu Drupadi lir putri kahyangan. Calik andelemi di sagédéngeun ingkang raka, Yudistira. Palih kiwa ngajajar ajrih Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa. Palih tengenna Batara Kresna.
“Kumaha perang poé ieu?” Drupadi muka carita bari neuteup ka saréréa. Rarayna cahayaan gilang-gumilang.
“Haturan aceuk, Adipati Karna parantos gugur.” Nakula ngawalon bari cong nyembah.
“Enya! Tapi teu sabanding jeung putra mahkota anu perlaya di médan jurit!” Bima ngagerem.
“Bangbang Irawan, Abimanyu, katut alo Gatotgaca jadi tumbalna…” Arjuna ngawalon, haténa kebek, can bisa mupus kanyeri alatan gugurna Abimanyu dina gelar perang Cakrawahyu.
“Tapi urang unggul jurit…” Sadéwa nempas.
“Laaah! Keur nanahaon unggul gé ari ménta tumbal mah!” Bima muncereng.
“Nu puguh mah ngagugu napsu. Nu unggul jadi huru, nu perlaya jadi ruhak.” Yudistira motong, soantenna halon haroshos. “Para satria, jeung para raja anu ku urang dipunjung diagung-agung miheulaan pada perlaya, lamun téa mah enya unggul, keur saha?”
“Ihhh… teu kitu, rai. Bratayuda hiji tebusan.” Kresna nyempad.
“Tebusan kumaha?”
“Buktina Bratayuda tadi siang geus nebus kanyeri rai, Drupadi. Atawa Eyang Bisma anu nebus kasalahan ka Déwi Amba. Atawa Eyang Dorna anu nebus kasalahan ka Bangbang Ékalaya ti Nisada.”
Saréréa ngahuleng.
“Atawa poé isukan, bisa waé Prabu Salya anu bakal nebus kaceuceub ka Bagaspati, mitohana. Taya nu teu mungkin. Ehhmm… geuning urang sakabéh teu luput tina karma. Tina papastén anu moal bisa dihalang-halang. Tapi teu kudu aral, da geuning Prabu Salya gé teu enya-enya neundeun kaceuceub ka Bagaspati, éta mah ukur patula-patali antara Somantri jeung Sokasrana anu nitis ka maranéhna.”
“Teras, kedah kumaha nyingkahanana?”
“Kumaha cara nyingkahanana? Teu aya… rai.” Kresna gideug lalaunan, neuteup Drupadi leleb naker. “Bratayuda jadi jalan pikeun urang nyubadanan kana karma. Maénkeun lalakon meresihan ieu marcapada.”
“Bakal beresih?”
“Jaga. Parikesit, anak ti Utari bakal jeneng raja. Tah dina waktu éta marcapada bakal beresih tina dosa-dosa. Tapi najan kitu, tetep teu ngahalangan kana datangna cilaka. Jadi tujuan hirup téh lain ngan saukur kudu laku bener atawa salah. Tapi kumaha carana nyieun kahadéan jeung ngajauhan kagoréngan.”
Drupadi melenguk, asa kapeupeuh.
“Bratayuda téh perlambang. Ngan…, saha atuh nu jahatna ari geus kieu?”
“Maksadna?”
“Jahat mana, Dursasana nu rék ngagadabah rai Drupadi bari teu jadi, atawa Bima anu geus nyasaak Dursasana nepi ka diuyup getihna?”
“Yéééy..! naha jadi malik ka aing si Kakang mah!” Bima kutuk-gendeng.
“Punten kakang Batara, terus terang rai salaku awéwé, ogé salaku korban, geus kedal sumpah mikahayang getih Dursasana keur ngawarah sabab kumawani campelak!” Drupadi nembalan.
“Waleran ti rai bisa leuwih panjang batan kanyataanana.” Kresna mésem. “Rai hiji awéwé anu geus nyieun kumaha rohakana dendem. Sarua kawas Déwi Amba anu ceuceub ka Rési Bisma, atawa kawas Déwi Gandari anu nutupan panon salilana kusabab Destarata lolong. Tah.., nu kudu diingetkeun ku urang téh yén bratayuda hiji pépéling. Kaceuceub saéstuna pagawéan salah. Para Pandawa ahli tapa, tapi haténa diduruk ku hawa dendam rai nepi ka jadi jalma anu pangjahatna saalam dunya…”
“Teu kitu kakang Batara, kedah emut, pan Pandawa mah digelarkeun ka alam dunya salawasna keur ngabéla bebeneran.”
“Leres pisan, rai. Pandawa taya nu salah, malah salawasna diaping kanyaah para déwa. Kena lara ora kena pati, sok sanajan moat, ari lain waktuna mah pasti bakal dihirupkeun deui ku déwa.”
“Teras?”
“Angguran mah geura tafakuran.”
“Ulah hilap! Dunya tempatna kasalahan, kakang.”
“Enya, tapi urang kudu milih-milih. Dék maké jalan kasar, atawa jalan kasobaran keur ngungkulanana!”
Drupadi nangtung.
“Kakang! Kakang jago ngaréka-réka carita. Moal éléh ku sasaha. Tapi, kakang teu ngalaman jadi korban kawas rai! Kakang mah ngarti kana sagala tapi teu kungsi ngalaman jeung ngarasakeun. Sarua jeung bohong. Yeuh! Rai téh korban, anu bakal males pati kumaha waé carana!”
“Rai…!” Yudistira ngarénjag ningal ingkang garwa kitu peta.
“Kakang nu ngatur sagalana. Salaku titisan Wisnu, kakang geus ngorbankeun Gatotgaca ngarah Karna mentangkeun Konta, sangkan Arjuna bisa ngungkulan Karna. Pan geuning ukur ku omongan hungkul gé kakang mah geus bisa mateni Sisupala. Naha nu kitu disebut hiji pépéling? Mana atuh kanyaah kakang salaku titisan Wisnu? Mana?!. Geuning ukur bisa ngaruksak wungkul!”
“Entos aceuk Drupadi, Entos…” Arjuna ngahuit.
“Rai jadi korban, terus ayeuna kakang ménta ka rai sangkan bisa lubar haté! Naha teu kaleuleuwihi? Baé Resi Bisma, atawa Karna, atawa Kakang Yudistira anu legawa mah. Yeuhh… ieu mah Drupadi, hiji awéwé anu keukeuh ménta kanyeri dibales ku pati!”
“Keur ngabuktikeun?” Kresna neuteup seukeut Drupadi.
“Enya!”
“Keur ngabuktikeun lain saukur kagagahan hungkul anu jadi korban dendem téh.”
“Kakang! Ceuk rai mah nu kitu téh sarua jeung ngalakonan darma!”
Yudhistira nantung lalaunan bari cong nyembah.
“Kakang Kresna, hatur pangapunten ku kahilapan rai, Drupadi. Bilih kirang tata-titi duduga peryoga ka akang.”
Barata Kresna ukur unggeuk.
“Tos…, ulah diteraskeun. Moal aya tungtungna, moal aya untungna, meuning mah urang ngatur siasat. Butuh tanaga jeung emutan anu leuwih gedé batan kamari keur nyanghareupan pangperangan ieu.”
Drupadi ngarénjag. Geuntak calik. Socana cahayaan nalika neuteup ingkang raka anu maha wijaksana.***
Kenging : Cucu Rahmat
Tidak ada komentar :
Posting Komentar