Sabada Ema Ngantunkeun |
Lesna mah teu nungkulan. Harita kuring jeung bojo nyelang mulang heula ka Jakarta ngalongok imah nu dipercayakeun ka Bi Asih salila tutunggon ema di Bandung. Kang Imat nu ngabéjaan téh nginterlokal ti rumah sakit ka kantor. Bieu bada adan asar cenah pupusna téh.
“Saré’atna mah alus pisan mulihna téh, Am,” ceuk Kang Imat dareuda, “basa ngadangu adan, ema mundut tasbé kagunganana handapeun bantal. Terus nasbé antaré pisan. Barang réngsé komat tasbéna ngagolosor ragrag kana ubin …. ku akang geuwat dirawu. Ari tanggah ….. katiténan geus rapih sidakep ku anjeun. Atra ngaharéwos muji, terus ngahanju sakali, les baé….” Kadéngé tina telepon Kang Imat nginghak. Kuring sorangan najan geus siap méntal nyanghareupan ieu kajadian teu burung bedah cimata milu nginghak jeung nu nelepon.
Indit gesat-gesut bada solat magrib téh karék nepi ka bumi ema méh jam sapuluh peuting; cacak di jalan kaasup lancar. Can aya by-pass Sukarno-Hatta jeung tol Cipularang harita mah. Jakarta – Bandung téh maké kendaraan pribadi mah rata-rata 4 – 5 jameun. Barang datang kasampak ramé kénéh ku nu ngalayad jeung kadéngé nu ngaraos di tengah bumi. Kuring jeung bojo barang jol diparapag ku dulur-dulur jeung dahuan. Silihrangkul bari sarua reumbay cimata. Komo dua lanceuk awéwé mah ngagoak basa ngarangkul téh. Sanggeus mihapékeun budak ka alo awéwé nu geus rumaja, kuring jeung bojo geuwat muru ka tempat layon nu dipernahkeun di tengah imah. Layon téh kasampak geus bérés sapuratina dirurub ku sinjang kebat weuteuh kagunganana. Seungit sogana melenghir leleb. Sakuriling layon loba kénéh nu ngaraos Yaa Siin, lolobana dulur-dulur jeung baraya ti pihak ema jeung bapa ti Bandung, Tasik, Ciamis, jeung Banjar. Ngan urang lembur nu can témbong téh. Kapeutingnakeun sigana daratangna, lantaran jauh ti pakidulan. Kuring jeung bojo pagigir-gigir deku, rék muka rurub téh ngadadak teu wasa . Asa teu sanggup. Duka ku naon.
“Buka baé rurubna, Am,” ceuk Kang Ahmad halon. Lanceuk panggedéna anjeunna téh. Katiténan meureun kuring teu baé muka rurub. Bari nguat-nguat manéh kuring lalaunan muka rurub. Barang bray…seblak… cipanon ngagarajag deui maseuhan beungeut. Nu deku gigireun ogé kadéngé nginghak bari nyambat “emaaaa” sababaraha kali. Nyeblak téh duméh asa pangling. Pameunteu ema basa ditinggalkeun mangkukna kanyos pias tur nirus, tulang damisna ogé kaciri. Ari ayeuna katingalna téh damisna siga ngareusi, tulang damis nu nyalohcor teu katingal deui. Rarayna katingal umyang beresih, soca rapet peureum jeung lambey semu imut. Cacak katingal engapan mah teu béda jeung nu keur kulem tibra. Asa teu ningal layon. Ema téh yuswana méh 85 taun, tapi katingalna siga istri yuswa 60-an. Istri sepuh nu atra kénéh geulisna. Téténjoan kuring wungkul meureun. Tapi sigana lain, da bieu bojo noél bari ngaharéwos, “Pah, éta ema mani geulis kitu,” pokna bari ngarérét. Ukur dijawab ku unggeuk.
Ningal kaayaan kitu kuring spontan ngagerenteskeun “alhamdulillah” dina haté. Muga-muga baé ema leres-leres mulih dina khusnul khatimah. Terus baé ngadunga husyu’ pisan nepi ka sora nu raéng ngaraji asa hawar-hawar kadéngéna ogé. Eusina mah taya lian nunuhun ka Gusti Nu Maha Suci muga ema ditampi iman, islam, jeung amal soléhna. Atuh kasabaranana salami nandangan teu damang dikersakeun tiasa mupus kalepatan-kalepatanana. Sanggeus ngadunga rarasaan téh jadi leuwih ayem teu marudah kawas méméhna. Malah ngantebkeun niat moal rék ngagugu kasedih lantaran isuk bakal nyanghareupan gawé penting ngurebkeun layon.
Isukna ngurebkeun téh bérés roés. Indit ti imah jam salapan luyu jeung kapalay ema kudu réngsé ngurebkeunana méméh lohor. Pangsepuhna ema téh di kulawarga besar mah. Matak teu héran niténan sakitu ngantayna mobil nu jajap dipalatukan ku pulisi duaan maké motor. Alhamdulillah kuring diparengkeun teger haté dina waktuna. Malah milu ngabeberah dua lanceuk awéwé nu teu eureun-eureun nginghak.
Salapan putra ema jeung bapa téh. Awéwéna duaan, Ceu Énah jeung Ceu Omih. Kuring pangleutikna. Ku kasapukan saréréa kuring nu turun nampanan layon lebah mastakana dibarengan ku duaan alo lalaki nu daredeg. Harita kaalaman sorangan nampanan layon indung, terus ngéncagkeun lalaunan dina lolongkrang lombang, merenahkeun layon dibantalan ku gugulu taneuh buleud. Teger pisan rarasaan mah dina ngalaksakeunana téh. Malah basa bréh raray ema waktu ngudar boéh lebah pameunteuna maké ngagerentes kieu, “Ehhhh ema… Ema téh kawentar geulis waktos anom, angger geulis kasepuhnakeun. Atuh basa janten layon teu leungit geulisna dugi ka ayeuna pas dikurebkeun.”
Bari merenahkeun lebah mastakana nunuhun ka Mantenna sangkan indung dikersakeun aya di patempatan nu cangra ku cahaya-Na. Ti dinya mah ngong baé adan tarik ngalanglaung, aweuhanana ogé asana kadéngé ku sorangan ti jero makam. Ngan nepi ka réngsé masang padung aya di handap téh. Ngurugan jeung ngaluluh taneuh mah dipigawé ku tukangna baé. Kuring mah teu milu, asa teu téga.
Sanggeus réngsé ngurug tur geus ngawujud makam maké tetengger tina kai, wur diawuran kekembangan. Nu kapeto ngadunga jeung nelekinkeun téh Kiai Muhtar Gojali, ajengan ti pasantrén Al Ihsan di lembur. Anjeunna ngahaja sumping bareng jeung rombongan ti lembur. Kaletir basa Ajengan ngaos talkin, asa dareukeut kana pimaoteun. Ari nu ngawakilan kulawarga lain Kang Ahmad, tapi ku dulur sabrayna nu harita kabeneran jadi gegedén Bandung, Kang Ihin ngaranna, putra bibi. Bener-bener teger kuring mah ti barang sorangan ngurebkeun ema, ngabeberah lanceuk awéwé nu teu weléh cimataan, silih gedéan haté jeung dulur-dulur, nampa béla sungkawa ti nu ngiring jajap ka makam. Malah nepi ka réngsé tahlil poé kahiji, tiluna, tujuhna, nepi ka opatpuluh poéna….angger teger teu galideur.
Lain teu sedih ditinggalkeun indung, tapi pikiran téh geus titis tulisna ema nampi panyaur ti Nu Kagungan. Tur saréatna mah apan sakitu saéna mulihna téh. Urang mah can puguh bisa kitu. Nu penting mah urang ayeuna kudu loba nyieun kahadéan sapertos anjeunna waktu jumeneng. Kitu angkeuhan nu jadi paneger haté téh.
Tah, sangeus mulang deui ka Jakarta bada tahlil jeung pangaosan opatpuluh poéna mimiti karasana téh. Jero sabulan mimitina mah sok rus-ras ka nu ngantun. Beuki lila beuki sering ingetna téh. Malah hiji waktu mah basa ningal potrét ema dina album maké ngalimba terus nginghak. Lain sakali dua kali éta téh. Jeung asa jadi loba deuih nu ngalantarankeun merebey cimata téh. Sakur nu aya patalina jeung ema teu weléh ngahudang kasedih. Contona baé niténan potrét-potrétna nu aya di imah jeung macaan deui serat-seratna nu sok baku dipangnuliskeun ku Ceu Juju, istri Kang Imat. Kitu deui mun kabeneran muka lomari pakéan bojo sok selengseng kaambeu seungit soga tina sinjang-sinjang kebatna nu ditumpuk dina umpak luhur. Bagéan bojo éta téh basa sinjang-sinjang kakantunna dibagikeun ka putra istri jeung minantu. Komo mun maké tasbé kakantunna jeung ningal kendi paranti anjeunna ngaleueut sok teu kaampeuh murubut cimata. Tasbé jeung kendi mah meunang ngahaja ngaririhan ti Kang Imat jeung Ceu Juju. Da sainget ema mah ngaleueutna sok cai asak hérang baé tina kendi ti aanom nepi ka sepuhna.
Aya deui nu matak héranna téh unggal ningal istri nu geus sepuh sok teu karasa pipi baseuh ku cimata. Lain sakali dua kali éta téh. Hiji waktu mah basa pabeubeurang ngaliwat di hiji jalan karérét tina mobil aya nini-nini andiprek dina trotoar nyanghareupan beungkeutan kangkung disasarap plastik biru kuleuheu. Nu bogana émok bari tungkul …. nundutan. Bakating ku kesel meureun dagangan can kabéh payu kaciri kangkungna geus teu pati seger. Kuring mundurkeun mobil. Jrut turun ngarawu beungkeutan kangkung nu aya. Nu keur nundutan ditoél lalaunan. Sanggeus nyaring pisan, “Ni, kangkungna dipésér sadaya. Ieu artosna. Tong diangsulan,” ceuk kuring dareuda. Song duit beureum salambar, buru-buru asup deui kana mobil ninggalkeun nu colohok. Pangpangna mah kétang sieun katohyan cimata ngagarajag. Tilu kali mun teu salah mah dina jero sabulan kuring ngahajakeun ngaliwat ka jalan éta, tapi si nini téa teu katénjo deui. Duka ka mana pindah dadasarna. Moal kitu dibuburak Satpol PP mah? Mun enya téh watir teuing.
Rupa-rupa ngalaman kajadian kawas kitu jeung kaayaan kuring jadi gampang juuh cimata nu sok ditapakuran mun kabeneran nyaring tengah peuting nyileuk sorangan nyangigireun nu nyegrék tibra. Teu ihlas kitu dikantun indung? Enya mimitina mah, tapi apan ahirna éstu lillahi ta’ala kana papastén. Atawa boga kasalahan kitu ka indung nu can nampa pangampura ti anjeunna? Rumasa pisan loba kasalahan tur remen ngajéngkélkeun kolot. Pangpangna basa keur budak jeung rumaja katotol badeur loba carékeun bari jeung mantangul mun boga kahayang téh. Asa aing “putra bungsu”. Tapi ras deui inget geus silih lubarkeun éta mah basa munjungan dina poéan lebaran dua bulan méméh ema teu damang….
Harita bada turun imbar ti lapangan ITB gagancangan balik miheulaan dulur-dulur séjénna muru bumi Kang Imat tempat calik ema di pavilyunna. Kasampak ema keur calik nyalira sidéngdang dina ranjang. Ceu Juju, Ceu Énah, Ceu Omih jeung nu séjénna kadéngé keur trong-trang nyayagikeun nu tas sholat I’d. Panto kamarna dibuka lalaunan, cetrék dikonci terus kuring muru ema ngaras pangkonna bari nyarita pegat-pegat neda hampura. Sirah kuring diusapan ku anjeunna.
“Dihampura pisan lahir batin ku ema. Sabalikna ema ogé kudu dihampura ku hidep. Ma’lum kolot mah remen bahé carék langsung saur bari gawé téh ngarérépot nu jadi anak,” saur ema dumareuda.
Nguping kitu brah piceurikeun nu satékah polah ditahan téh bedah. Kuring ngagolosor turun tina lahunan ema, beungeut kuring ngantelan sampéanana bari ngagukguk.
“Ulah kitu, Ujang. Cengkat,” saurna bari ngoyag-ngoyag sampéanana. Barang cengkat, kek taktak dijungjungkeun terus dirangkul. Kakuping anjeunna nginghak laun jeung karasa cisocana haneut maseuhan pipi. Kuring ngagoak.
Teu karasa kaayaan kitu téh geus méh sataun. Tapi kana gawé jeung kahirupan sapopoé mah sasat taya pangaruhna. Ngan “kanceuh” téh mun panggih jeung istri sepuh sarta niténan hal-hal nu aya patalina jeung ema. Éta nu sok ngadadak ngahudang kasedih téh. Lain sedih atuh pibasaeunana, tapi peurih! Rarasaan peurih mah leuwih jero batan sedih. Leuwih nyosok jero. Malah ayeuna mah maké katambahan ku ngarasa hanjakal teu kungsi kitu teu kungsi kieu basa ema jumeneng kénéh.
Contona baé, Jakarta – Bandung lilana perjalanan ukur jam-jaman maké kendaraan umum. Bisa pulang poé. Tapi nyatana tara unggal bulan kuring nepungan indung. Sakapeung mah pleng tilu bulan teu ka Bandung-Bandung. Alesanna mah katungkul ku loba gawé. Ari nu ngaranna gawé apan salawasna aya baé moal béak-béak. Teu ngahajakeun baé sabenerna mah. Tah, ngarasa tacan cacap mulang tarima sigana nu ngalantarankeun kuring babari bedah cimata téh. Enya éta kawasna. Ku kituna geuwat atuh kuring nyuratan ka Mama Muhtar Gojali di lembur neda bongbolongan ngeunaan bangbaluh haté asa can cacap mulang asih ka nu jadi indung. Teu lila jol surat balesan ti anjeunna. Kieu di antarana.
“…. Kahartos pisan ku Mama bangbaluh manah Adén. Sareng leres pisan kasauran Adén yén dikantun ku nu jadi indung mah peurih…. sanés mung ukur nyeri atanapi sedih. Mama sorangan kantos ngalaman waktos dikantun ku indung. Perkawis Adén ngaraos teu acan cumpon mulang asih ka nu janten ibu numutkeun Mama mah kieu. Upamina baé diparengkeun Adén ceuk wiwilanganana kagungan emas ngajegir sagedé pasir, éstu moal tiasa nanding kana kaasih indung ka anak. Komo tiasa cumpon mulang tamba mah tetebiheun. Nu tiasa mulangkeun kaasih indung mah hakékatna mah anging Alloh Ta’ala nu kagungan sipat Maha Welas Maha Asih. Urang mah pamohalan. Ku kituna, carana mah taya sanés urang kedah seueur ngadunga, utamina dikir ka Gusti Nu Maha Suci. Pahala dikirna Insya Alloh digolontorkeun ku Mantenna ka almarhumah tuang ibu. Kitu pamendak Mama….”
Gedé pisan mangpaatna bongbolongan Mama Ajengan téh keur kuring mah. Nyaéta ngurangan rasa hanjakal pédah asa can cacap mulang tarima ka indung. Angkeuhan hayang bisa mulang tamba éstu moal cumpon luyu jeung paribasa, ‘Kasih ibu sepanjang jalan, kasih anak sepanjang penggalan’. Sanajan teu nyosok jero teuing cara méméh nampa surat ti Mama Ajengan, tapi angger unggal panggih jeung istri sepuh sok teu bisa nahan bedah cimata. Kumaha nya ngungkulanana? Ras inget boga sobat psikolog ngora ahli psikotérapi ngaranna Dr. Haérul Gandi Ashgar. Atuh praktékna katiténan suksés pisan.
Ngahaja nelepon langsung ka kantorna rék konsultasi. Ngadéngé maksud kuring kitu ki sobat nyarita, “Atuh sami baé sareng ngajar ngojay ka ikan lumba-lumba, Kang, pami kitu mah. Alim ah sieun kawalat,” pokna bari seuri.
Kéképéhan manéhna téh mimitina mah. Tapi ahirna mah puruneun sanggeus dicaritaan kieu, “Lain nanaon, Ayi Haér, kieu geura dangukeun. Kahiji, akang téh rék ménta dibantuan lantaran ayeuna keur boga masalah nu geus méh sataun can bisa diungkulan ku sorangan. Ké didongéngkeun masalahna mah. Kadua, akang percaya pisan ka salira jeung moal éra lantaran lain wawuh sakatiga. Ari katiluna, apan tukang cukur gé tara kabéjakeun nyukur sirah sorangan, sok ménta dipangnyukurkeun ku nu séjén.” Ngagakgak ngadéngé omongan kuring kitu téh.
“Mangga atuh ngiringan pami kitu mah. Mung aya saratna nyaéta sanés konsultasi, urang ngawangkong biasa baé. Sono deuih tos lami teu tepang. Upami akang aya waktos kumaha upami abdi ngulem tuang siang di ‘Ténjo Dano’, rumah makan Sunda nu nembé dibuka di Ciputat sisi Situ Gintung. Raos sambel sareng cobék léléna, Kang,” cenah. Sanggeus ngakurkeun jadwal sapukna téh pagéto jam 11 tepung di ‘Ténjo Dano’.
“Tong waka seueur barang tuang heula, Kang, cuang pabadag-badag huap,” pokna méméh nutup telepon.
Barang jol ka ‘Ténjo Dano’, nu ngondang geus jogo. Malah mapagkeun.
“Calikna urang di luhur baé, Kang, tos dipesen. Salsé geura di dinya mah sareng raos titingalian nampeu ka Situ Gintung,” pokna bari ngiringkeun ka loténg.
Ngahaja milih tempat diuk di juru kalér nu rada misah moal kabaribinan tamu séjén. Enya, plung-plong ti lebah dinya mah. Asri tur asli kénéh deuih harita mah kawasan Situ Gintung téh. Katingal di béh sisi aya parahu nu ngadon lintar. Sakurilingna leuweung paselang jeung pilemburan. Di tengah situ aya pulo mangrupa leuweung kolot. Tangkal-tangkal kaina katénjona galedé jarangkung. Taya nu wanieun muka lantaran béjana tegal oray. Cenah oray welangna ngabubuhan, tinggilisir oray weling nu kawentar matih peurahna. Oray sinduk areuleugeug, oray héjo tinglaléor méh saru jeung dangdaunan. Rajana pajah oray sanca sagedé tangkal jambé numpi dina dahan tangkal gedé. Malah cenah sok kawénéhan témbong ti kajauhan ku urang lembur keur euleugeug dina tangkal pangluhurna. Duka teuing atuh, ma’lum béja pacenah-cenah sok dibarungbuan ku rahul. Nu bukti mah salila dua jam satengah aya di ‘Ténjo Dano’ teu témbong raja oray eueuleugeugan luhureun tangkal. Nu katingal ngan aya jalma duaan keur nguseup dina parahu sisi leuweung.
Teu kungsi satengah jam jol dahareun nu tadi geus dipesen téh datang. Deungeunna katangén baé aya goréng peda girinyih dikucuran jeruk purut, beuleum peuteuy opat papan, angeun lodéh cikruh maké turubuk, cobék lélé maké rombéh, goréng lauk emas ‘orokna’ ngepros gararing, goréng hayam kampung kaambeu melenghir seungit. Lalab asak daun gedang sadungkuk, lalab atahna kumplit, pohpohan, térong-galatik, leunca, engkol, bonténg, jeung surawung. Ari sambelna diréndos kasar, siki céngékna maréncéngés dina sambel tarasi hideung gurih nangtang cocol. Paingan ceuk béja ‘Ténjo Dano’ mah kawentar pisan sambelna, pajah najan seuhah col deui-col deui. Apan ditarelahna ogé ‘Sambel Jérété’. Sanguna ngahaja mesen sangu beureum nu haraghag haneut kénéh dina boboko.
Bener ceuk ki sobat, lain konsultasi ieu mah tapi ngawangkong lohong ka ditu-ka dieu diselang seuseurian bari ngadu huap. Nyaritakeun persoalanana ogé saliwat-saliwat bari ponyo nyocol sambel, nyuruput lodéh, ngeremus goréng lauk emas orokna anu garing. Atuh ki sobat nanyana ogé bari ngahimel goréng hayam kampung nu melenghir. Teu siga-siga ngawawancara. Malah kuring sorangan sanggeus rada lila ngobrol nanya téh bari seuhah.
“Kumaha cindekna, yi Haér?”
“Numutkeun abdi mah, Kang, sumberna mah lantaran…. sedih kapegung,” walonna bari nyocolkeun seupan daun gedang kana sambel-jérété, “Maksad téh Akang teu tuntas ngabudalkeun kasedih waktos tuang ibu ngantun,” pokna diselang seuhah.
“Moal diangles. Harita akang ngahaja nguat-nguat manéh sangkan bisa ngabeberah dulur,” walon kuring diselang nyuruput kuah lodéh turubuk disambelan sanggeus nyeletrok beuleum peuteuy katut goréng peda dijeruk-purutan aduna.
“Kahartos, Kang. Piraku aya psikolog sedep nginghak, nya?” pokna bari nyewol cobék lélé pupungkilna.
“Rumasa, Yi Haér, akang téh jaim,” ceuk kuring sanggeus ngahuleng sakeudeung. Basa nutupkeun dahar rohaka téa ku duwegan kalapa héjo sahulu séwang, kuring ménta saran.
“Kudu kumaha atuh akang?” cekéng.
“Nangis bé sing wareg tong asa-asa. Ambéh budal,” walonna bari ngerokan duwegan kalapa héjo.
“Heueuh ceurik téh apan kudu puguh alesanana. Léwéh teu pupuguh mah matak digeuhgeuykeun pamajikan,” ceuk kuring bari seuri.
“Insya Alloh, Kang, engké gé mendak,” pokna ngagedéan hate bari tonggoy nyéndokan duwegan lumého.
Balik ti kantor harita téh. Jorojoy hayang nepangan Prof. Fauzi Ridwan, asa geus lila teu tepung. Gurubesar di Institut Ilmu Pemerintahan anjeunna téh. Bumina di komplék dosén tukangeun gedung réktorat. Atuh terus méngkol heula muru kampus IIP di Jalan Ampera Raya. “Keun bé teu nelepon heula gé, sugan kabeneran aya di bumina,” ceuk kuring na haté.
Wanoh pisan kuring mah ka anjeunna, panarosan mun aya nu teu pati kaharti dina dinamika politik pamaréntah urang. Kabeneran kasondong aya di bumi keur calik di émpér tukang mayunan tamu. Horéng mertuana jaler-istri nu saurna kamari nembé sarumping ti Médan. Sanggeus dikenalkeun jeung munjungan ka sepuhna, kuring diuk gigireun Prof. Fauzi mayunan mertua pameget.
Sor citéh panas, pisin, garpuh leutik jeung serebét siga nu aya dipayuneun aranjeunna. Ari susuguhna geus nyampak nyaéta bibika ambon khas Médan nu leuleus kareueut semu hérang téa. Sawatara léngkah anggangna ti méja tempat ngariung tiluan aya dipan diamparan permadani. Garwa Prof. Fauzi émok caket ibuna nu calik sidéngdang dina dipan. Nuju uplek ngarobrol duanana ogé duka ngobrol naon da maké basa Indonésia logat Médan. Kuring gé sarua tiluan uplek ngobrolkeun rupa-rupa hal. Pangpangna mah ngabandungan mertua Prof. Fauzi nyarioskeun kaayaan Médan harita.
Salila ngobrol kuring meusmeus rét deui rét deui ka nu cacarios bari sidéngdang dipayunan putra. Ditilik-tilik téh…. bet siga jenatna ema. Rarayna semu lonyod siga pameunteu ema, pangambung jeung lambeyna ogé siga. Nu béda téh salirana rada bayuhbuh, ari ema langsing. Rambutna deuih nu gomplok sumambel wijén, ema mah geus ngeplak bodas ku silalatu. Nu anéh téh lebah soantenna. Najan sasauranana dina basa Indonésia logat Médan, tapi kakupingna aya nu mirip soanten ema ari sasauran…. sakapeung sok sada ngagalindeng. Niténan kitu teu karasa panon mimiti baseuh jeung nyelek piceurikeun cara biasa. Sabisa-bisa ditahan sangkan teu katangar, tapi kalah jadi ngagarajag dibarengan inghak. Kadarangueun sigana ku sadaya kuring nginghak da terus jarempé salasauranana. Teup patepung tingal jeung sepuh istri nu calik sidéngdang ….. teuteupna linduk siga ema ari nuju neuteup merhatoskeun. Kuring kalah wowotan kapurba rasa nalangsa nu pohara. Jung nangtung buru-buru nyampeurkeun nu keur sidéngdang, brek deku dina ubin nyuuh kana pangkonna… goak ceurik teu bisa ditahan. Tarik pisan sigana, da kadéngé putra-putra Prof. Fauzi tingtorojol nararos kagét, “Ada apa Ya? Ada apa Mak? Ada apa Nék?”
Tapi kawasna dihuit ku ramana, da teu kadéngé deui sorana. Arayem sigana aranjeunna nyaksian kajadian éta da teu kakuping soantenna. Atuh nu kagungan pangkonan ogé teu ngejetkeun sampéan. Malah karasa pananganana ngusapan sirah kuring lalunan nu ngalantarankeun kuring ceurik beuki tarik bari nyambat indung. Subhanalloh, rarasaan téh nyuuh ka indung, lain ka nu séjén. Teu sakeudeung kawasna ceurik pohara téh da rarasaan budal kabéh kasedih nu salila ieu dipegung.
Sanggeus rada leler kuring cengkat bari pegat-pegat sasadu ka anjeunna, “Maaf…ibu… Ibu serupa… almarhumah… ibu saya,”
Anjeunna ngarangkul kuring bari sasauran halon, “Tidak apa-apa, Nak….. Anggap saja emak ini pengganti almarhumah ibumu.”
Kuring nginghak deui.
Rada lila kuring aya di bumi Prof. Fauzi Ridwan téh. Pamitan sanggeus réngsé sholat maghrib berjamaah. Ti harita babari juuh cimata téh cageur. ***
Kenging : H.D. Bastaman
Tidak ada komentar :
Posting Komentar